Kamis, 07 September 2017

NASKAH DRAMA “Tejo & Surti.”

Selamat Datang di studio hiji-hiji na di Pasirgadung, sebentar lagi anda akan menyaksikan Drama is Back !!! yang akan menampilkan kembali cerita cinta Surti yang berkembang kempis kembali. Seperti apa kelanjutan cerita cinta Surti yang ditinggalkan Tejo setelah 7 tahun lamanya ? Apakah Tejo akan kembali dengan sebutan bang toyib? Saha nu nyaho !

Selamat Menyaksikan !

SCENE 1
di Halaman Rumah Surti
(Musik Sunda)
Dina hiji poe, aya kembang bangke nu ngarana Surti tea, anjeuna keur anteung joged bari nyanyi dangdut sabari moe-moe keun seseuhan di buruan.
Ambu : Surti ! hayu urang emam hela bageur, geulis menak jingo !
Abah   : Surti Weuya !
Ambu : Surti !
Surti    : oh muhun Ambu (sabari ngajorowok), Surti nuju tanggung !
Surti terus anteung joged bari ngageol. Teu lila tidinya Tejo datang.
Tejo    : Eneng Surti !
Surti    : Aa Tejo !
(Musik Pertemuan)
Tejo ngagabrug Surti anu olohok teu percaya Tejo balik deui ka kampung. Tejo nangkeup Surti pageuh bari ceurik bakat ku rindu ka Surti. Tapi Surti ngaleupaskeun tangkeupan Tejo bari ambeuk ka Tejo nu geus ninggalkeun Surti, ngagantungkeun hubunganana.
Tejo    : Surti, aa teh kangen ka Surti.
Surti    : Aa teh naha balik deui ka dieu ! neng teh tos kecewa ka aa. Lagian neng ge tos te cinta deui ka Aa. Tos ayeuna mah Aa tong kadieu-kadieu deui !
Tejo    : neng dengerin dulu aa. Aa ka kota teh neangan damel kanggo modal nikah kanggo neng engke. Aa damel kanggo neng. Neng maafkeun aa neng.
Surti    : Naha atuh aa teh teu masihan kabar ka neng! Mun aa bener nyaah ka neng kudu na Aa nelpon kadieu. Dunia teh tos canggih a ! tos ayeuna mah neng sebel ninggal aa. Pergi kaditu ! nyingkah ! awas
Surti ninggalkeun Tejo sabari ceurik balilahan. Sedengken Tejo olohok kecewa kusabab Surti ges embung papanggih deui jeung anjeuna. Tejo Sedih kurucud cai mata sabari leumpang kumalayang sabari bigung.
(Musik Sedih)
Monolog.
Tejo    : naha bet kieu ? si neng teh ges te percaya deui ka aa. Kudu na si eneng teh bahagia ninggal aa datang. Komo balik ti kota mah aa geus ganteung kieu ayeuna mah, si eneng kuduna leuwih cinta ka aa.

SCENE 2
di Warung Oneng
(Musik Sunda)
di warung oneng Tejo papanggih jeung Deker sarta Hurdil keur maen remi sabari ngopi cacalakatan seuri.
Deker  : yeuh dil, lamun neangan jodoh teh kudu bener dil ! tinggali aing yeuh, Deker alias dede keren. Si rina, anjeuna anak ustad matak urang ka sohor jadi minantu ustad. Nya sugan oge we urang teh jadi jelema bener.
Hurdil : heeuh ker, cing saha atuh nu embung ka anak ustad mah. Lain ku teu hayang, da saha nu daek ka urang Hurdil alias Hurik tur dekil kieu. Mun aya nu mika cinta ge geus syukur urang mah ker, rek di kawin ayeuna keneh!
Oneng : siga nu he’euh wae maraneh mah. Samemeh ngomong bener, benerkeun heula kalakuan jeung kahirupan. Lain mah garawe kaditu, teang heula modal kawin jang engke!
   Deker jeung Hurdil eren baceo, torjol Tejo datang ngilu nimbrung di warung oneng nu keur rame.
Oneng : eh itu teh si Tejo !
Hurdik: Tejo?
Deker  : Mana ?
Oneng : Eleuh-eleuh maneh teh Tejo? meni pangling kieu! Sugan teh artis boyband datang kadieu!
Tejo    : Urang ngaganteungan nya ! Tejo atuh. Eh tapi urang teh ker sedih. Si eneng Surti ges embung papanggih deui jeung Tejo, padahal Tejo teh geus ganteung kieu.
Hurdik: eleuh ku naon ath nya ?
Deker  : naha maneh teh balik deui geuning. Nu dikampung teh mikir na maneh moal balik-balik deui Tejo. Tah meren si Surti ge kecewa atuh.
Oneng : maraneh can apal? Si Surti teh geus kapiheulaan ditanyaan ku orang kota, saha teh ngarana teh poho duh.
Tejo olohok reuwas bakat ku teu percaya si Surti geus aya nu boga. Tidinya Tejo tambah galau jeung risau mikiran Surti.
Tejo    : Saha neng ?
Oneng : kela, kela. Alus poko na mah, boh tina ngarana jeung sagalana ge alus jo, pikeun kabeh gadis nu aya dikampung teh mumuji jeung iri ka Surti anu dipilih na.
Tejo    : oh kitu? Cing penasaran lalaki nu mana nu wani ngarebut si eneng Surti ti urang!
Oneng : oh enya, si Brandon ngarana teh!
Tejo    : saha, Brandon? Naon ngaran teh siga badut kitu lah.

SCENE 3
Di Rumah Surti
Di imah, Surti keur ngagalau ceurik sabari gugulingan dilemma bingung naha si Tejo bet bisa datang deui kana kahirupan Surti! Sedengkeun Surti geus ka pincut oge dilamar ku Brandon orang kota.
Surti                : (Ceurik) eeeeeuhh hmmmmmm oaaaaa oaaaaah
(Musik Sedih Peterpan-Semua tentang kita)
(Musik Sunda)
Brandon         : Assalamu’alaikum!
Ambu             : Walaikum Salam, saha ? (Mukakeun panto, Sabari luak lieuk) eh Brandon.
Brandon         : (Salam 7 kali ka Ambu) Ambu mana atuh si eneng?
Ambu             : oh hehe aya jang, kek nya. Surti ! (ngageroan sabari nyamperkeun Surti)
                          Surti! Itu aya si jalu brandon, kaditu karunya ngantosan.
Surti                : si aa ambu ! (ceurik na repeh)
Ambu             : enya, kaditu geura panggihan!
Surti                : eh aa ! (sabari rek nyampeurkeun Brandon rek sun tangan, kaburu dipegat
                          Ku Ambu) eh Ambu, ieu mah bagian Surti atuh mbu!
Ambu             : Eh enya hilap. Hehe (sabari ka dapur)
Surti                : mangga atuh aa calik!
Brandon         : muhun neng.
   Tidinya Surti jeung Brandon keur paduduan ngobrol akrab pikeun romantis, teu barang lila torojol Tejo datang ka imah Surti ninggal Surti anu keur bahagia na ngobrol jeung lalaki lain.
Tejo                : Neng Surti !
Surti                : Aa Tejo, rek naon aa kadieu ! (Brandon kaget)
Tejo                : neng saha eta !
Brandon         : kenalkeun urang Brandon anak na pak oos bandar lele!
Tejo                : kenalkeun urang Tejo bandar buyur!
Surti                : eh atos atuh! Neng pusing! Aduh aduh (Surti asa diparebutkeun)
Brandon         : saha maneh? Neng saha eta teh! (sabari narik surti)     
Surti                : aa eta teh kabogoh eneng nu baheula!
Tejo                : oh jadi kitu neng ayeuna mah, geus aya nu anyar nu lila dibuang! Geus aa
                          Ge kecewa ari kieu mah! (Tejo sabari ngabalieur balik)
Surti                : aa Tejo kupingkeun heula eneng aa!
Brandon         : (Brandon ambeuk) neng, saha nu bieu! Poko na aa menta penjelasan!
                          Saha lalaki nu bieu teh!
Surti                : tadikan eneng tos ngajelaskeun, eta teh kabogoh baheula eneng aa!
                          Sudah! Lagian da urut eta mah aa! Kan Aa nu baru mah!
Brandon         : Bener neng?
Surti                : enya aa leres, aa number one dina hate eneng!
(Musik Tum Hi Ho)
Brandon         : tos, poko na Aa mah percaya ka eneng moal ngecewakeun aa. Neng janji nya
                          Aa! Tos atuh aa pamit heula nya uih, sim amah bilih milarian.
Surti                : enya neng janji ka aa! Hati-hati di jalan a! bilih aya nu gelo kawin we ! eh..
Brandon         : bye-bye eneng ! (Kiss bye)


SCENE 4
Di Warung Oneng
(Musik Sunda)
Tejo ngehuleung kumalayang leumpang ka warung Oneng, tidinya Tejo curhat ka mamah dedeh (mamah curhat dong, eh salah nya!?) maaf pemirsah! Tidinya Tejo Curhat ka Oneng nu jadi babaturan Tejo ti keur leutik na.

Oneng             : eleuh-eleuh ku naon ari Tejo malaweung kitu! Bakat hayang dibere duit jo!
Tejo                : biasa neng, ti Kamari Tejo galau mikiran Surti naha si eneng teh bet bisa
                          Ngecewakeun Tejo.
Oneng             : meureun, si Surti ge kecewa ka Tejo bisa-bisa na ninggalkeun kitu wae,
                          Te aya kabar, tah oneng ngarti kanu jadi awewe kumaha perasaanana!
Tejo                : muhun, Tejo teh salah, tapi cik atuh kasih Tejo kesempatan!
Oneng             : yeuh Tejo, ari nu jadi awewe mah kudu pasti. Bayangkeun Surti digantung
                          Ku Tejo 7 tahun lila na.
Tejo                : heeuh sih neng, tapi kuduna si Surti ge setia ka Tejo.
Oneng             : tapi bukti na malah Oneng nu satia ka Tejo!
Tejo                : hah? Naon neng? (oneng jempling)
(Musik Menunggu)
Oneng jeung Tejo asik ngobrol duaan nostalgia babaturan ti keur leutikna. Barang prak tidinya Surti aya datang ka warung rek meuli kopi terus ninggali Tejo jeung Oneng keur akrab ngobrol paduduan.
(Musik Sunda)
Surti                : Oneng! Meser kopi! (Surti tiis)
Oneng             : eh Surti! (Oneng sabari kaget) kopi naon?
Surti                : Surti hoyong kopi pait! Pait! Pait! Neng! Sabaraha neng!
Oneng             : 12 5 heg lah di jual garing!
Surti                : emang na ASIN!? Kadieu (bari sinis langsung ninggalkeun warung)
Oneng             : eleuh-eleuh, meni sinis kitu si Surti.
Tejo                : ah keun bae neng ayeuna mah. Tejo geus teu ngareup deui ka Surti. Tejo
                          Sadar masih aya nu nyaah ka Tejo selain si Surti!
Oneng             : Saha Jo ?
Tejo                : Oneng!
Oneng             : eleuh Tejo bener? (oneng malu-malu maung)
Tejo geus berpaling ti Surti ka Oneng anu jadi babaturanana ti keur leutik. Anjeuna mulai sadar yen Oneng teh bogoh ka Tejo ti keur leutikna. Tidinya Tejo geus mulai mopohokeun Surti jeung ngarelakeun Surti kawin jeung si Brandon. Tejo ngarti yen cinta teh dinamis jeung amis pada waktunya.


SCENE 5
Di Jalan Ci Pabeulit
(Musik Sunda)
dina hiji waktu, Surti jeung Brandon keur jalan-jalan pasosore edas, maraneh na keur mesra ngobrol ngarencanakeun pernikahanana, di jalan Ci Pabeulit maranehna papanggih jeung Tejo sarta Oneng anu keur ngobrol paduduaan. Tejo nyapa Surti jeung Brandon, tidinya Tejo nyarita ka Surti yen Tejo geus ngarelakeun Surti ka Brandon.
Tejo                : Eh neng Surti!
Surti                : Aa Tejo!
Brandon         : meni pas kieu nya! Sapasang-sapasang siga sandal!
Surti                : oh ayeuna mah Aa Tejo teh jeung Oneng?
Tejo                : Neng Surti ayeuna mah Aa sadar yen Cinta teh Dinamis. Aa Tejo tos
                          Rela Surti nikah ka Brandon. Da gening Aa Tejo karek ngeuh aya nu
                          Leuwih cinta ka Aa (sabari ninggal Oneng)
Surti                : Nya syukur we atuh, neng Surti ge ayeuna mah ngarti. Cinta teh kudu adil.
                          Cinta teh teu salilana kitu. Urang teh kudu ninggali oge Cinta nu lain.
                          Lamun teu kitu cinta teh moal bisa move on.
Tejo                : muhun leres neng!
Brandon         : mumpung keur babarengan kieu! Urang double date we ayeuna mah!
Oneng             : naon ari double date teh?
Bradon           : pacaran dua pasangan!
Surti                : ih naon Aa mah pacaran! Eneng teu suka ah!
Brandon         : terus naon atuh neng? Neng alim pacaran jeung aa?
Surti                : neng mah alim pacaran pokokna mah! Pimaksiateun Aa! (Brandon bingung)
                          Neng mah hoyong langsung nikah! (malu-malu kucing)
Brandon         : eleuh…. Hayu atuh hayu neng kitu mah Aa sumanget!
Oneng             : Kang Tejo hayu atuh urang ge nyusul!
Tejo                : Oneng oge hoyong? Eleuh-eleuh hayu atuh hayu! Prikitiwwww
                          Penonton Tejo hayang kawinnnnnnnnn!!!!!
(Musik Kawin)
Akhir carita Tejo jeung Surti nemukeun cintana masing-masing. Dua pasang insan nu keur bahagia rek kawin babareungan.
TAMAT