Sabtu, 26 Oktober 2013

Naskah Drama Sunda "Kontes Dangdut"

KONTES DANGDUT
Wilujeng Tepang ! di studio transIPA2. Mangga urang sasarengan nyakseni ieu drama. Insya allah anu mudah-mudahan ieu drama tiasa ngahibur. Mangga urang kawitan.
Prolog             : Di hiji kampung sunda nyaeta kampung Rawa Benyeng aya mojang nu namina Oneng, anjeuna boga cita-cita tur kahayang ti leuleutik jadi penyanyi dangdut. Anjeuna boga niat bade ngiringan kontes dangdut di kota.
Hiji waktos Oneng di sakola keur ojret bungah maca pangumuman aya kontes dangdut di kota.
Hayu urang teras kana olah TKP.
Adegan 1        : Di sakola.
Cucum            : Aya naon, Neng? Meni bungah pisan? Maca naon eta teh? Pengumuman?
Oneng                         : Muhun. Ieu yeuh aya Kontes Dangdut SuperDut. Cucum bade ngiringan?
Cucum                         : Lah…abdi mah teu aya bakat nyanyi neng. Sok we atuh Oneng ngiringan. Kapanan cita-cita Oneng hoyong janten penyanyi sanes?
Oneng                         : Leres pisan. Ti kapungkur Oneng hoyong pisan ngiringan kontes dangdut. Ieu kasempetan Oneng kanggo ngahontal cita-cita. Ayeuna abdi bade nyuhunkeun idjin ka kolot ah.
Cucum                         :Sok lah, didukung jeung didoakeun ku Cucum. Cing meunang…cing sukses. Lamun tos terkenal ajak-ajaknya!
Oneng                         : Jhaha (bari seuri). Pokona mah mun abdi sukses Cucum bakal ditraktir jajan baso sawaregna. Hayu ah…bade uih heula. Asalamu’alaikum!
Cucum                         :Walaikumussalam. Hmmm...boga babaturan, sumangetna 45 luar biasa. Hebat...hebat...
Prolog                         : Saparantosna kitu, Oneng nuju usaha nyuhunkeun idjin ka sesepuhna. Di dinya oneng keukeuh peuteukeuh ngalawan naon anu jadi picarekna.
Adegan 2        : Di imahna Oneng.
Oneng             : Assalamu ‘alaikum ! mmmh ! Pa, Bu ieu (bari ngasongkeun bewara)! keun wios teu oneng ngiringan kontes dangdut di kota ?
Haji Dadang    : Naon? Rek ngiluan kontes dangdut? Astaghfirullohalladziim. Teu...Bapa teu satuju!
Hajah Nunung : Kunaon Bapa teu satuju? Kapanan eta teh cita-cita anak urang ti leuleutik.
Haji Dadang    : Cik atuh ari boga cita-cita teh nu waras...nu bener. Kapanan loba keneh pagawean nu leuwih mulia, leuwih terhormat, jeung masa depan na jelas. Jadi dokter misalna, guru, insinyur, atawa pengacaralah. Ieu mah kalahkah hayang jadi penyanyi dangdut, anu ku masyarakat dicap murahan, kampungan. Era atuh. Kapanan Bapa jeung Ibu teh haji...tokoh masyarakat. Naha Ibu narima lamun budak urang engkena dianggap awewe baong…murahan…kampseuupay deuih? Pokonamah Bapa teu satuju.
Oneng                         : Tapi Oneng hoyong ngiringan, Pa…(bari sedih)
Hajah Nunung : Tos we, Pa, urang dukung kahayang budak urang!
Haji Dadang    : Pokona Bapa teu satuju! Teu satuju! Titik!
Oneng                         : Sanajan Bapa teu ngidjinan, Oneng tetep bade daftar...bade ngiringan.
Haji Dadang    : Ngalawan maneh ka kolot?
Oneng                         : Sanes ngalawan pa, tapi…
Haji Dadang    : Lamun maneh teu nurut ka kolot, indit sieuh ti imah ieu. Aing teu sudi boga budak jadi penyanyi dangdut...
Hajah Nunung : Pa…ulah nyarios kitu!
Haji Dadang    : Indit sieuh!!! (Oneng indit kaluar imahna)
Hajah Nunung : Oneng...Pa...Pa...budak urang rek indit kamana?
Haji Dadang    : Keun wae! Antepkeun! Matakna ulah sok diogo teuing boga budak teh! Jadina wani ngalawan ka kolot.
Prolog             : Oneng kaluar ti imahna, disaksian ku indungna, leumpang euweuh tujuan sosoranganan. Sajajalan ceurik balilihan.
                         Pas di pengkolan jalan lembur, oneng di cegat ku para pamuda anu keur marabok, nyaeta JaDun (Jajang Dunyeh), JaBod (Jajang Bodo) jeung Hurdil (Hurik tur Dekil). Di dinya oge datang Deker nyaeta (Dekil tur Keren) anu keur mabok leumpang gagaleongan.
Adegan 3        : Di pengkolan jalan lembur.
Deker              : Mabuk lagi…ah…mabuk lagi…judi lagi…ah…judi lagi…( rek katabrak )
Hurdil              : Heup…heup! Nu baleg atuh nyanyi teh! Fals pisan maneh mah. Teu ngeunah kadengena, merduan keneh hitut urang jeung sora maneh oge.
Deker              : Maneh ngahina ka sayah?
Hurdih                         : Naha maneh mah bet emosi, pira oge diomongan sakitu. Kritik ini mah…kritik, Man.
Deker              : Tapi kuring teu ngeunah ku omongan maneh euy. Ngahina kitu mah.
JaBod                          : Geus, geus tong parasea ! kapanan urang teh friends lain ? peace...peace !( nenjo  Oneng leumpang lebah pengkolan).
Hurdil              : Hey barudak, itu aya si Oneng. Urang heureuyan yu !
Oneng             : Mmmmmh chick chick ! (sabari leumpang )
JaDun                          : Lah silaing mah, teu kaop nenjo awewe. Geus ah, urang mah balik teu kuat yeuh hayang beol !
JaBod              : Hai Oneng, bade kamana? (Bari nyampeurkeun ka Oneng).
Oneng                         : Kumaha urang we. (bari judes)
Deker              : Wah...Oneng makin cantik aja nich. Ameng yu jeung akang!
Oneng                         : Iiih...teu sudi teuing! Barau alkohol akang mah.
Hurdih             : Wah kabeneran yeuh, urang bawa we ka saung tengah sawah, urang gawean. (Ngaharewoska batur-baturna).
Deker              : Digawean kumaha euy?
Hurdih             : Lah silaing mah, maenya teu ngarti. Kasempetan euy, meungpeung manehna keur indit ti imah.
JaBod              : Hayu atuh. Ngan sakali sewang nya! (Ngarawel leungeun Oneng).
Oneng             : Lepaskeun siah! Lepaskeun ih atuh leupaskeun Tulung…tulung…tulung!
Prolog             : Teu lila pas oneng keur di goda ku para pamuda, kabeneran aya Bu Kades jeung Hansip Midun) datang.
Bu Kades        : Aya naon ieu teh?
Oneng                         : Tulung…tulungan abdi Bu…bade diperkosa.
Bu Kades        : Saha nu rek diperkosa teh?
Oneng                         : Abdi Bu...abdi. Abdi bade diperkosa.
Hansip Midun : Saha nu rek merkosana? Mana…mana? dibabuk ku sayah.
Oneng                         : Ieu pa (Nunjuk ka pamuda).
Hansip Midun : Maraneh rek merkosa Si Oneng?!
Pamuda           : Henteu, Pa…henteu. Kita mah cuman heureuy pa. Swear!
Bu Kades        : Kurang ajar siah! Maraneh wani-wani nyieun masalah di wilayah sayah? Ngerakeun pisan. Hansip!
Hansip Midun : Siap Bu! Laksanakan!
Bu Kades        : Laksanakeun naon? Sayah can mere parentah.
Hansip Midun : Muhun...siap melaksanakan perintah, Pa.
Bu Kades        : Candak ieu pamuda ka bale desa! Pilarian kolot-kolotna! Ieu mah termasuk tindakan kriminal…perkosaan...perkosaan deuleu! Bahaya...bahaya!
Hansip Midun : Siap Bu! (Ngagiringkeun pamuda).
Pamuda           : Ampun…ampun…ampun Pa! Moal sakali-kali deui.
Bu Kades        : Entong loba omong. Tah ieu akibat pangaruh minuman keras jeung narkoba teh. Leungit kasadaran akibat marabok.
Omat penonton, ulah nurutan kalakuan barudak jiga kieu. Ingat! Jauhi minuman keras jeung narkoba! Waspadalah...waspadalah! Hansip ! bawa
Prolog             : Saparantosna kitu, eta para pamuda di bawa ka bale desa. Teu lila sepuh-sepuh para pamuda darongkap ka bale desa, milarian nu janten putrana anu geus kalontar ku kagorengannana.
Adegan 4        : Di Bale Desa.
Bu Een            : Mana budak urang teh. Kurang ajar siah. Mabok jeung mabok we pagawean teh.(Ngagebugan Si Deker ku sapu).
Deker              : Ampun, Ma...ampun!
Bu Een            : Ngerakeun aing siah. Dasar budak kurang ajar. (Bari terus ngagebugan Si Deker).
Bu Kades        : Sabar, Bu...sabar! Janten kieu ieu teh... (Jol Bu Sondah).
Bu Sondah      : Mana Si JaBod? Cing kalakuan teh ulah jiga sato maneh teh. Maenya rek merkosa?(Ngajewer ceuli Si JaBod).
JaBod              : Ampun, Mah...ampun.
Bu Kades        : Tenang, Bu...tenang. kamana kolotna Si Hurdih?
Hansip Midun : Teu araya, Bu. Nuju di sawah.
Bu Kades        : Keun we atuh. Jadi kieu Ibu-ibu. Cing boga budak teh perhatikeun. Warah cing bener ameh teu baraong. Ieu teh akibat kurang perhatian ti kolot. Barudak jadi kacanduan ku minuman keras jeung narkoba. Bahaya nu kieu teh. Bisa ngaruksak moral generasi bangsa. Omat ulah sakali-kali deui maraneh nyieun masalah di lembur ieu!
Deker              : Muhun, Bu. Abdi kapok.
Hurdih             : Moal sakali-kali deui, Bu. Tobat, Bu...tobat.
JaBod              : Swear, Bu...swear!
Bu Kades        : Heug atuh ari geus insyaf mah. Ku sayah dihampura. Jadi masalah ieu geus beres, teu kudu ngalibatkeun polisi. Alus...alus ari maraneh geus tobat mah. Ke...ke...ari neng Oneng ayeuna bade teras kamana?
Oneng                         : Bade ngiringan kontes dangdut ka kota, Bu.
Hansip Midun : Wah...hebat atuh. Di dukunglah ku sayah.
Bu Kades        : Luar biasa! Ibu bangga, warga urang sapertos Oneng gaduh potensi di bidang seni. Sok, ku Ibu didukung 100%. Ibu bakal ngerahkeun warga desa ka kota nyuporteran Oneng.
Oneng                         : Hatur nuhun, Bu.
Prolog             : Saparantos Oneng angkat ka tempat kontes dangdut di Kota, bari di barengan ku tekad anu geus buled yen manehna yakin bisa jadi penyanyi dangdut anu kasohor, bari hayang ngabuktikeun oge kanu jadi sepuhna yen manehna bisa jadi penyanyi dangdut anu kasohor, di hargaan tur di hormat ku batur.
Adegan 5        : Di tempat Kontes Dangdut.
MC Seri           : Nah para hadirin, seteleh kita tampilkan 70 peserta, kita akan saksikan penampilan peserta dengan nomer undian 72 atas nama Decha Arifyani. Selamat menyaksikan!
Decha              : (Loba gaya, nyanyi teu nyambung, fals, ku panonton dibaledogan, disurakan teu raresepeun).
MC Yuli          : Penonton harap tenang! Acara kita lanjutkan kembali! Selanjutnya kita saksikan penampilan dari peserta nomer 73 atas nama Rini Primawanti Noor!
Rini                 : (Geumpeur, teu nyanyi nyanyi, ku panonton disurakan).
MC Seri           : Selanjutnya kita saksikan penampilan dari peserta nomer 74 atas nama Deon Gomez!
Deon               : (Ceurik, teu daekeun nyanyi, ku bapa na dicarekan dipaksa titah nyanyi).
Mr. Edwin       : Cepat ! nyanyi come on my son ! you must be winner !
Deon               : I’m so sorry dad ! i can’t duit (Do It)! ( bari ceurik nyanyi Where where)
Mr. Edwin       : Shit ! boloho sieuh (ngajewer budakna, penonton nyurakan).
MC Yuli          : Selanjutnya akan kita saksikan penampilan terakhir dari Kontes Dangdut ini. Kita sambut, peserta nomer undian 75 atas nama Oneng Saroneng Sariningsih.
Oneng                         : Nyanyi, alus pisan, panonton heboh.
MC Seri           : Dari sekian banyak peserta yang sudah tampil di Superdut 2012 ini, kami sebagai dewan Juri memutuskan keputusan yang tidak bisa diganggu gugat, untuk pemenang juara 1 di Kontes Dangdut SuperDut Tahun 2012 ini jatuh kepada peserta dengan nomer undian 75, yaitu saudari Oneng saroneng sariningsih!. Tepuk tangan untuk sang juara! (Penonton tepuk tangan, nyaralaman ka Oneng).
                        (Oneng Pidato loba ngahaturkeun nuhun ka sadaya anu ngadukungna)
Prolog             : Saparantos Oneng geus kacapai naon anu jadi cita-citana. Teu kungsi lila pas keur oneng di poto, Haji Dadang dongkap ka eta tempat, sabab meunang beja ti batur yen si Oneng juara 1 dina lomba kontes dangdut tea.
Haji Dadang    : Hampura Bapa Oneng, Bapa rumasa salah, Bapa karek sadar yen jalan hirup maneh memang kudu jadi penyanyi dangdut.
Oneng             : Hatur nuhun Pa, Bapa tos ngadukung kana cita-cita abdi. Insya Alloh abdi bakal jadi penyanyi anu professional, terhormat.
Haji Dadang    : Sok ayeuna mah didukung ku Bapa. Didoakeun cing sukses. (Oneng bari salam)
TAMAT

Tidak ada komentar: